Kesehatan

Sawer Panganten

Advertisement
Bismillah neda piwulang   
Mugi widi maha suci   
Piwejang estu kamelang   
    Dinten ieu danget ieu
    Tinekanan pamaksadan
    Hidep eneng sareng asep
    Gumulung ngajadi hiji
    Kasaksi wargi nu sumping
    Mamah apa nya wasiat
    Sing jadi jimat rarabi

Tancebkeun na patekadan   
Niat hidep rumah tangga   
Ulah unggut kalinduan,ulah gedag kaanginan   
Tong galideur ku mareumbing   
Seja nyumponan ibadah   
Seja nyumponan ibadah   
    Peupeujeuh keur salawasna
    Hidep eneng sareng asep
Geura hirup sasarengan, kudu silih kanyahokeun     
Tong aing-aingan, dipahing sumput salindung   
Mun pareng pabentar paham, masing apal padikana    
Sangkan gancang repeh rapih   
Prak abdas madep ka gusti   
    Tiwangkid tiba ayeuna pisan
    Eneng tuturkeun caroge
    Mamah sareng apa titip
    Kahidep gegentos apa
Mun dugi kana waktosna    
Mamah apa tos ngantunkeun   
Titip dulur-dulur hidep   
Mangka lana panjang punjung   
    Prak namprak urang ngadu’a
    Ka Alloh nu maha agung
    Sangkan hidep hirup hurip
    Bagja dunya jeung akherat
Amin yaa robala’laamin   
Mugi gusti nangtayungan   



Terima kasih telah membaca artikel Sawer Panganten Update , dengan url http://1f4nt.blogspot.com/2012/04/sawer-panganten.html, semoga artikelnya sangat bermanfaat bagi semuanya. Baca juga artikel terbaru tentang Posting Lebih Baru.